Meuli enteh ka warung nasi
Neangan sambel anu lada
Urangteh ulah poho purwadaksi
Sisindiranteh kabudayaan sunda
Lamun nitenan jaman ayeuna
Ningali jelema teh siga jin
Urang sadaya ngariung didieu ayeuna
Taya lian taya sanes iwalti ngahibur para hadirin
Lamu asup imah omat kudu muka panto
Sabab supaya nyahoeun si nini
Ti abdi muris es em pe jg es em ka
Seja nyanggakeun silaturahmi
Mamah urang meuli cingcau
Cingcau bahe kana batik
Nu aya didieu ulah sedih jeng galau
Sabab engke bisi teu bisa balik
Sedih jeung senang aya giliran
Lamun keur sedih tong dirarasakeun
Abdi sadaya keur sisindiran
Tapi moal waka di anggeuskeun
“engke tampil deui”
Ka pangeran kudu ngabdi
Ku cara urang babakti
Panggih deui jeung sim abdi
Nuliykn sisindiran nu tadi
Aya dukun maca mantra
Komat kamit t eureun eureun
Ibu bapak nu gaduh putra
Omat kade sakolakeun
Ngasah bedog ku asahan
Samemeh urang ngababadan
Sakolana ka pasawahan
Tong poho niat jeung patekadan
Sakola umum loba di palak
Mun teu lunas dikaluarkeun
Didieumah kudu daek pepelak
Ameh eusi elak-elakan “jg pesak”
Urang tadi narima salam
Salamna ti urang Ciawitali
Urang wajib ngajaga alam
Ulah nuaran tangkal kai
Tai kotok ulah di cokot
Kajeun teuing nyokot leho
Sok sanajan urang jauh ti kolot
Papatahnamah teu pernah poho
Keur hujan labuh patumpang tindih
Tapi hiji ge euweuh nu leweh
Sok sanajan sakola di kebon eurih
Otak jeung kawanimah moal eleh
Di Jakarta aya stasion Gambir
Tempat eureun tuan-tuan
Murid saeutik teu jadi gimbir
Da urang boga keluarga persatuan
Mu ka Purbahayu kudu nguseup
Kajeun teuing meunang hiji
Salian geulis jeung kasep
Guru didieu sabarna bisa di uji
Pak Maman Maca koran
Oge pinter kana ngaji
Dandanan lain ukuran
Kualitas nu nomer hiji
Nyeri raheut mun ku hinis
Hinis ti Aei bapak Sawin
Ulah kena kasep jeung geulis
Kade barudak tong waka karawin----
Menerkeun cai tina keran
Ari pek loba bubuk laja
Kuatkeun iman ka pangeran
Tong kagoda ku dodoja
Mun ngewa ulah ku geuleuhna
Tapi cukup ku ngajauhan
Pamarentah euweuh seubeuhna
Salian ngahakan duit, taneuhge dicokotan
Meuli kaset ti bu iis
Kaset eusina tentang jamu
Aa kasep teteh geulis
Wilujeng neraskeun tolab elmu
Jang Robi ti Bangunkarya
Pami ti kalijaya aya Mang Ono
Hadirin nu aya sadaya
Kenalkeun ieu pak Kabul Krisdiono
Mihape ulah honcewang
Da urangmah duduluran
SPP moal eureun berjuang
Pikeun nanjeurkeun bebeneran
Nguli babi euweuh nu keuna
Kalah suku kapatil lele
Titadi dugi ayeuna
Hampura bilih kasabet hate
Karuhun anu dimana-mana
Cageurkeun nu gering parna
Hatur nuhun ka sadayana
Ti abdi saalakadarna
Ngabujeng nyokot kenurna
Sabab langlayangana geudeug
Wilujeng miang ka lemburna
Kade di jalan ulah seureudeug
Aya boeh bodas rupana
Ehh....ngeusann nya????
hanz
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
thankz